Friday, July 24, 2020

Grasi

Sadut: Duy, genah nya tahanan ayeuna mah.
Saduy: Enya atuh euy! Tempo baé na tipi, pangbérokanna ogé jiga kamar kos.
Sadut: Lain Saduy, lain di pangbérokan baé. Éta aya nu dibéré garasi sagala ku Présidén, jigana mun geus bébas aya bahan dibéré jeung mobil-mobilna.
Saduy: Lain garasi sadut tapi garansi, dibacana haransi! Jiga ilaing meuli motor, lamun leungit aya haransina téa.
Sadut: Mun tahananna leungit berarti aya gantina atuh euy!
Saduy: Enya éta, gantina téh ilaing!