Friday, September 19, 2014

Roda Dua

Sadut: Atah adol!!!

Saduy: Kunaon Dut? Teu hujan teu angin kukulutus kitu?

Sadut: Éta euy, tadi uing adu regeng jeung tukang parkir.

Saduy: Naha bisa?

Sadut: Éta, pan uing téh rék balanja di pasar induk Caringin. Tuluy wé uing téh néang tempat parkir. Geus meunang parkiran kosong kalahka dititah pindah ku tukang parkirna. Cenah lain paragina parkir didinya. Nya uing téh teu narima da geus puguh éta tempat parkirna. Kanyat adu regeng.

Saduy: Tempat parkir naon kitu? Meureun tempat parkir treuk bongkar muat, jadi wé silaing teu meunang parkir didinya!

Sadut: Geus sidik aya tulisanna "Tempat Parkir Khusus Roda Dua", da uing gé jalma sakola bisa maca.

Saduy: Ilaing mawa motor? Pan ilaing téh teu bisa numpak motor lin?

Sadut: Mawa mobil pamajikan.

Saduy: Nya heueuh atuh teu meunang parkir siah belegug! Da éta mah jang parkiran roda dua wungkul.

Sadut: Apan sarua uing gé mawa kandaraan roda dua.

Saduy: Naha bisa?

Sadut: Pan rodana dua di hareup, dua di tukang siah Saduy!

Gudeg

Saduy: Dut, kumaha pangalaman piknik ka Jogja téh euy?

Sadut: Meunang pangalaman teu ngeunah euy!

Saduy: Kumaha kitu?

Sadut: Basa urang meuli gudeg di léséhan, maenya euy nu dagang nyokot dahareun ku leungeun, nu ngaladanganna nini-nini deuih.. Aing mah, bari dahar téh bari caman-cémén, teu nyari.

Saduy: Sia mah jiga jalma boloho waé Dut, sok siah, manéh daék diladangan nyokot dahareun ku suku? Jaba suku nini-ninina rorombéheun, meureun silaing teu utah-uger mah.

Durén

Saduy: Dut, maneh nyaho teu durén nu teu meunang dibeuli, teu meunang didahar? Pokona teu meunang dipelak-pelak acan.

Sadut: Teu apal. Émang aya Duy? Durén nanahaon?

Saduy: Aya Dut, durén Montong.

Sadut: Naha durén Montong?

Saduy: Nya montong we..

Duit Palsu

Sadut: Duy, manéh nyaho teu mun duit ieu saratus rébu nu na dompét urang palsu.

Saduy: Teu. Manéh gening apal duit palsu jeung asli?

Sadut: Da mun asli mah ieu pa Karno jeung pa Hatta geus gogorowokan eungapeun ménta kaluar, jaba ti tadi uing hitut waé, meureun teu mabek mah. Ieu jempé waé euweuh soraan.

Saduy: Ceuk uing mah lain duit paslu euy, tapi asli.

Sadut: Naha?

Saduy: Pastina gé pa Karno jeung pa Hatta geus kapiuhan ti tatadi, jadi wé teu kadéngé sorana.

Tuesday, September 16, 2014

Ban Sapéda

Saduy: Dut, manéh nyaho teu naha ban sapéda tukang leuwih gancang gundul tibatan ban hareup?

Sadut: Teu apal. Uing mah apal gé mun man hareup leuwih leutik ti ban tukang. Ceuk manéh kunaon?

Saduy: Kusabab ban tukang mikir waé nepi ka gundul, kumaha carana nyusul ban hareup. Ceuk manéh kunaon Dut ban hareup bisa leuwih leutik?

Sadut: Kusabab teu bisa reureuh, kasieunan kasusul ku ban tukang. Jadi wé leutik.

Rém

Saduy: Dut, kunaon mobil bisa eureun?

Sadut: Kusabab nabrak jalma!

Saduy: Lain!

Sadut: Kusabab lampu beureum!

Saduy: Lain!

Sadut: Kusabab di rém!

Saduy: Lain!

Sadut: Ku naon atuh? Taluk ah..

Saduy: Nya ku suku siah belegug!

Baso

Saduy: Dut, kunaon tukang baso nakolan mangkok?

Sadut: Kusabab supaya jalma nyaho aya tukang baso.

Saduy: Lain.

Sadut: Kunaon atuh?

Saduy: Nya ku séndok atuh belegug!

Langgar

Sadut: Uing mah héran euy, cenah di wetan mah loba nu solatna dilanggar.

Saduy: Héran kumaha?

Sadut: Atuh réa nu murtad euy mun solatna dilanggar mah.

Saduy: Ari silaing, pan Langgar di wetan mah sarua jeung Tajung di Jawa Barat, belgug siah!

Émbér

Sadut: Duy, mun manéh ka daérah Jawa, kudu ati-ati ulah asal ngecap maké basa sunda euy, tong héran deuih mun undak-usuk basana tibalik jeung basa urang.

Saduy: Naha, manéh ngalaman naon kitu?

Sadut: Nya, basa harita téh urang keur ngising, poho yén émbérna keur dipaké ngeueum pakéan di tempat nyeuseuh. Jaba gé beuteung panas deuih, bari ngaheujeun téh bari humarurung.

Saduy: Kumaha caritana?

Sadut: Humarurung uing téh kadéngé ku baraya uing si Paijan, tuluy gegedor kana panto WC, "Kenapa mas? BAB nya atos (keras)? Dahar opo (tuang sareng naon) mas?" Jadol téh, ka saluhureun ngomong dahar, teu sopan siah. Ceuk kuring teh, "Acan Jan, ini perutnya panas! Tulung cokotin émbér dari tempat cucian Jan, bawa ke sini!" Baraya urang téh ngingkig ka tempat nyeuseuh tuluy ngagégél émbér, "Mas, iki émbér wis tak cokot (sudah saya gigit), atos (keras) mas!" "Makasih Jan, simpan saja depan pintu." Barang bérés ngising kuring kaluar, pék teh katenjo baraya kuring biwirna jebléh balas ngagégél émbér.

Saduy: Beu...!

37

Pangantén Lalaki: Néng, gening ieu teh meni sesah lebetna, teu pernah dianggo nya?

Pangantén Awéwé: Muhun kang, nembé ayeuna nganggona. Aduh.. nyeri, ulah dipaksa.. bilih lécét.

Pangantén Lalaki: Aduh, kumaha atuh? Mun teu tiasa lebet mah lebar, tos pameng dibuka.

Pangantén Awéwé: Sok atuh kang lalaonan, saurna mun tos lebet mah biasana kadituna gampil lebetna, sok rada logor.

Pangantén Lalaki: Nanggo minyak tawon atuh nya néng supados leueur. Tos lebet mah raos gera.

Pangantén Awéwé: Moal panas kang?

Pangantén Lalaki: Moal néng. Da ieu atuh enéng gaduh teh meni alit, nomer sabaraha ieu téh?

Pangantén Awéwé: 37 kang, biasana ogé ngagaleuh ukuran 37. Maenya sampéan abdi ngaageungan janten 38?

Pangantén Lalaki: Pami teu tiasa lebet mah ke digentos janten 38 wé atuh, di mana toko sapatuna?

Friday, September 12, 2014

Baris

Saduy: Siap gerak!

Sadut cicing tuluy gutak-gitek.

Saduy: Kunaon manéh gutak-gitek Dut?

Sadut: Da manéh mah méré komando téh teu puguh, ongkoh siap, ongkoh gerak, nya kuring cicing tuluy gutak-gitek.

Saduy: Mun kitu mah, istirahat di tempaaaaat gerak!

Sadut tuluy ngagolér bari ngagéré ceuli.

Saduy: Naha manéh ngadon ngagolér Dut?

Sadut: Pan ceuk ilaing gé istirahat di tempat, nya mun istirahat mah kuring ngeunahna bari ngagolér tuluy ngagéré ceuli. Nikmaaaaat pisan!

Saduy: Mun paréntahna kieu kumaha? Hormaaat gerak!

Sadut tuluy sungkem ka si Saduy.

Wednesday, September 10, 2014

Létah Jawa

Hiji mangsa di Bandung aya sapasang pangantén. Pangantén awéwé asalna ti Jawa, keur sono masakan Jawa nu serba amis da di Bandung mah jarang aya masakan amis, kabeh asin.

Pangantén Awéwé: Mas, aku péngén makan saté.

Pangantén Lalaki: Iya néng, akang belikan dulu ya! Mang..!! Saté saporsi! Ieu piringna ti dieu.

Saneggeus dipangmeulikeun.

Pangantén Awéwé: Kenapa bumbu saténya enggak manis ya mas?


Pangantén Lalaki: Ih.. ari enéng, atuh kalau manis mah bukan saté namanyah, tapi kolek.

Dulu

Sadut lebaran ieu mudik ka lemburna, manéhna parakatangtang-parakaténgténg abong-abong geus lila di Jakarta. Nepungan si Saduy tuluy pamér.

Sadut: Duy, kalaw énté ke Jékarté, énté pasti bingung milih.

Saduy: Bingung milih naon Dut?

Sadut: Énté pasti bingung milih kalaw ditawarin mau perempuan dulu ataw uang dulu? Di sanah serba ada Duy! Hahahaha...

Saduy: Ah aing mah teu hararayang teuing Dut!

Sadut: Kenapé?!

Saduy: Mau makan dulu, mau uang dulu, mau perempuan dulu. Najis teuing! Silaing daék dahareun bari? Duit bari? Atawa awéwé bari?

Sadut: Maksud énté?

Saduy: Heu-euh, pan makan dulu téh béda jeung makan sekarang, meureun geus bari mah éta dahareun. Perempuan dulu béda jeung perempuan sekarang, ayeuna mah geus nini-nini meureun Dut! Duit dulu gé béda jeung duit sekarang, moal payu boga duit sa karung gé. Ngarti teu ilaing Sadut?

Sadut: ???

Asup Kuliah

Saduy: Dut, ari manéh mun lulus ti sakola rék kuliah di mana?

Sadut: Uing mah kuliahna moal jauh-jauh, rék di UNDIP waé.

Saduy: Naha di UNDIP? Nu deukeut mah UNPAD lin?

Sadut: Ari manéh mah belegug Duy. Pan UNDIP mah hareupeun imah urang pisan. UNDIP téh pan singkatan tina "UNipersitas DIPati ukur", pan aya na gé di jalan Dipati Ukur hareupeun imah urang.

Saduy: Ari UNPAD ceuk sialing singkatan tina naon Dut?

Sadut: Ari manéh jiga teu nyakola waé Duy! Pan UNPAD téh singkatan tina "UNipersitas PAngéran Diponégoro", ayana di Semarang! Belegug siah!

Saduy: Silaing nu belegug Dut! Pan ayeuna mah UNDIP nu ceuk silaing aya di jalan Dipati Ukur ayeuna mah geus ganti ngaran jadi UNIJAT.

Sadut: Singkatan tina naon UNIJAT téh Duy?

Saduy: "UNIpersitas di JATinangor" siah belegug!

Gedang

Pangantén Awéwé: Mas, aku arep nang pasar (mau pergi ke pasar). Mau titip apa?

Pangantén Lalaki: Akang pengen buah-buahan néng, tulung beliin gedang nya!

Sabalikna ti pasar.

Pangantén Awéwé: Iki (ini) mas, buah gedang sak-sisir. Apik (bagus) mas, kuning-kuning.

Pangantén Lalaki: Kenapa gedang sa sisir néng? Mana coba akang lihat!

Pangantén awéwé ngaluarkeun cau tina kérésék.

Pangantén Awéwé: Iki (ini) mas, bagus kan?

Pangantén Lalaki: Ini mah bukan gedang atuh néng, tapi cau alias pisang! Akang mah tadi pesan gedang alias pepaya, bukan pisang.

Pangantén Awéwé: Aku pikir tadi mas pesan gedang. Di tempatku gedang itu ya pisang iki (ini), kalau pepaya namanya katés.

Saturday, September 6, 2014

Roko

Saduy: Dut, ilaing ngarti teu, kunaon iklan roko euweuh gambar nu ngaroko-roko acan? Can manggih aing mah iklan roko nu aktorna melenyun ngudud.

Sadut: Heueuh pan teu meunang ku pamaréntah.

Saduy: Mun teu meunangeun mah, naha na bungkus roko aya gambar jalma ngudud?

Sadut: Heueuh ku kitu mah uing gé teu ngarti euy! Barina gé uing mah teu apal-apal acan rasa udud téh euy! Teu hayang teuing. Ké téh jiga tatangga uing, can asup umur pangsiun geus bengék, unggal peuting uhak-uhok batuk jiga rék paéh. Watir aing mah.

Saduy: Heueuh atuh akur ari kitu mah! Mending gé ieu ninyuh bandrék. Silaing geus pesen can?

Sadut: Acan, Mang uing pesen sagelas! Sakalian jeung jarcok sabatang nya!

Saduy: Ilaing mah teu balég Dut!

Friday, September 5, 2014

Piriwit

Sadut: Duy, uing rék gawé ka Koréa. Ngan uing can ngarti bahasa deungeun euy!

Saduy: Alus atuh euy! Duitna badag, dompét manéh kudu ganti, moal kawadahan siah Sadut!

Sadut: Heuh aing mah, sérius uing mah euy!

Saduy: Mun can ngarti basa Koréa mah mawa piriwit wé euy!

Sadut: Naha?

Saduy: Coba, mana aya jalma di dunya ieu nu teu ngarti bahasa wasit. Padahal ngomong gé hanteu, ngan niup piriwit terus tutunjuk. Kabéh nurut.

Sadut: Heueuh euy! Kumaha tah carana?

Saduy: Mun ilaing hayang istirahat atawa rék balik tinggal niup pririwit tilu kali, mun dititah ku dunungan tuluy ngarti maksudna tinggal niup piriwit sakali, tandanan ilaing satuju.

Sadut: Anjir cerdas manéh Duy!

Thursday, September 4, 2014

Molor

Hiji mangsa si Saduy diajak ulin ka Jakarta ku si Sadut. Harita keur di stasiun nungguan KRL.

Sadut: Duy, beginilah kota Jékarté. Banyak orang lalu-lalang ke sana ke mari.

Saduy: Enya, lieur aing mah euy ningali jalma loba kieu. Dut, ari karétana jam sabaraha datangna euy? Geus cangkeul suku uing nangtung.

Sadut: Seharusnya sekarang sudah datang, mungkin kerétanya molor. Itu sudah biasa.

Saduy: Ieu geus jam 7 Dut! Maneya jam sakieu molor kénéh? Kebluk-kebluk teuing! Teu diwarah kitu ku kolotna? Hudangkeun siah Sadut éta karéta téh, montong molor waé. Geus beurang ieu téh!

Sadut: ???

Wednesday, September 3, 2014

Dupléx

Saduy: Dut, ilaing téh pan kungsi sakola di sakola tower téa gening. Cik, kuring rék nanya, bisa teu bahasa téknis dipaké dina bahasa sapopoé?

Sadut: Bisa atuh Duy, da sarua baé.

Saduy: Contona kumaha Dut?

Sadut: Basa ilaing mangsa jajaka, pagawéan ilaing SIMPLÉX pan? Ngaku siah..!!!

Saduy: Heueuh euy! Hahahaha.. tuluy?

Sadut: Saenggeus kawin, geus bisa FULL DUPLÉX lin?

Saduy: Anjir nyambung! Heueuh bener, tuluy?

Sadut: Ayeuna pamajikan ilaing keur reuneuh, ilaing ngan bisa HALF DUPLÉX. Bener teu?

Saduy: Ah.. sialing mah nyaho waé urusan batur Dut!

Tuesday, September 2, 2014

Vidéo Call

Saduy: Dut, si Paijan baraya uing ti Jawa keur aya di imah. Boga hénpon anyar ditémbong-témbongkeun, agul euy!

Sadut: Hénpon naon Duy?

Saduy: Éta, hénpon panganyarna nu bisa porji-an (4G) cenah. Heueuh da cenah bisa pidiokol-an. Nu dipidiokolna gé artis luar nagri euy!

Sadut: Maenya Duy? Gaya pisan! Pidiokol téh nelepon bari nempo gambar hirupna lin?

Saduy: Heueuh éta Dut, silaing ning apal? Urang gé héran euy, da aya poto-poto artisna gareulis.

Sadut: Mana ayeuna si Paijanna Duy? Uing hayang nempo hénponna, panasaran.

Saduy: Si Paijanna keur sibuk pidiokol Dut! Ceuk manéhna ulah waka diganggu, ieu mah masalah sérius, pidiokol jeung artis Jepang. Ngarana téh Mi saha kitu nya... poho uing, mun teu salah mah Miyabi kitu nya? Teu nyararaho teuing, jarang nongton sinétron Jepang uing mah euy!

Sadut: Keur pidiokol di mana ayeuna si Paijanna Duy?

Saduy: Di paciringan.

Monday, September 1, 2014

Pagawéan

Sadut: Uing mah hanjakal euy sakola di STT.

Saduy: Naha?

Sadut: Meunang gawé di bidang télékomunikasi.

Saduy: Alus atuh euy! Hésé siah gawé di bidang télékomunikasi téh. Batur mah harayangeun.

Sadut: Heueuh da batur mah teu kungsi ngalaman gawéna. Mantak rungsing euy.

Saduy: Rungsing kumaha?

Sadut: Teu rungsing kumaha! Gawé euweuh eureunna, kalénder di kantor euweuh nu warna beureum, hideung kabéh. Ieu meunang bonus jam tangan ti dunungan gé teu ilahar, angkana nepi ka 15, sapoé jadi 30 jam. Heuh.. rungsing aing mah..

Saduy: Éta manéh hapé boga dua, dibéré ti kantor?

Sadut: Heueuh euy, mun dunungan nelepon ka hapé ieu, uing kudu bisa ngurus masalah di cabang Cileunyi. Mung dunungan nelepon ka hapé hijina deui, berarti uing kudu bisa ngurus masalah nu aya di kantor cabang Cimahi.

Saduy: Lamun hapé duanana disada?



Sadut: Berarti moal lila deui uing asup rumahsakit.

Gugel

Sadut: Duy, uing mah héran. Naha nya jalma bet gumantung kana internét? Keudeung-keudeung muka gugel. Néangan sagala rupa tina gugel.

Saduy: Pan ayeuna mah jaman canggih atuh Dut. Komo gugel mah ayeuna geus jadi sumber impormasi.

Sadut: Ah.. waduk siah. Kamari uing tatanya kana gugel, manehna teu bisa ngajawab.

Saduy: Nanya naon ilaing Dut?

Sadut: Heueuh, uing teh dititah guru sajarah néangan sajarah karajaan Galuh jeung Pajajaran, titah néanganna na gugel téa. Gugel téh teuing lalaki atawa awéwé, ku uing anggap wé lalaki. Tuluy kuring ngetik kieu: "Kang, tulungan kuring, kuing rék naya. Bisa pangnéangankeun sajarah karajaan Galuh jeung Pajajaran teu? Mun bisa, kuring nganuhunkeun, da kuring dititah ku guru kuring. Hampura nya, can wawuh geus wani tatanya."

Saduy: Jawabanna naon?

Sadut: Jawabanna téh maké basa deungeun, kieu "Your search - Kang, tulungan kuring, uing rék naya. Bisa pangnéangankeun sajarah karajaan Galuh jeung ... - did not match any documénts." Pan belegug tah gugel téh, teu bisa ngajawab sajarah-sajarah acan!