Saturday, August 30, 2014

Mudik

Saduy: Dut, maneh apal teu mun lebaran taun ieu jalan macét parah?

Sadut: Apal Duy, tapi da urang mah teu percaya.

Saduy: Teu percaya kunaon ari silaing? Sakitu macétna ditayangkeun di TiPi, jeung na koran gé ditempokeun poto jembatan roboh bari dilaksanakeun ngahadéanna.

Sadut: Lah.. uing mah tetep teu percaya!

Saduy: Maksud manéh?

Sadut: Ceuk manéh jembatan roboh pan? Cik pikir ku ilaing, mana aya jembatan nangtung euy!? Kumaha cara liwatna? Pastina gé jembatan mah kabéh roboh.

Saduy: Terus éta poto macét jeung poto nu ngahadéan jembatan maenya palsu?

Sadut: Ceuk saha palsu euy? Éta mah asli, di mana-mana pas lebaran pasti macét, teu di ditu teu di dieu, sarua waé taun kamari jeung ayeuna. Mun jembatan mah paling gé poto jaman baheula waktu keur ngabangun jembatanna. Tuluy wé di ékspos taun ayeuna ngarah nu mudik horéam.

Saduy: Jadi taun ieu manéh mudik?

Sadut: Henteu.

Saduy: Naha?

Sadut: Indung bapa uing asli urang dieu, aki-nini uing gé pituin urang dieu, tuluy uing rék mudik ka mana?

Thursday, August 28, 2014

És Yamin

Mang Ohim munggaran muka warung baso jeung és campur di pakotaan. Kabeneran beurang éta waktuna karyawan kantor istirahat, atuh nu datang téh lain hiji dua jelma, aya opat mah.

Karyawan A: Mang, sayah pesen baso urat saporsi, campur nya! Jeung téh botol satu sajah.

Karyawan B: Sayah mah pesen baso kikil teu maké mih nya mang! Jeung és campur.

Karyawan C: Abdi mah baso aralit, saosna rada seueurnya! Minumna mah biasa, és téh manis waé.

Karyawan D: Mang, saya pesen yamin dua dibungkus, jeung hiji dimakan di dieu. Mun aya mah nasi satengah porsi nya! Minumna mah és waé. Menta tisu nya!

Teu lila mang Ohim nyodorkeun pesenanna.

Mang Ohim: Mangga pa, ieu baso urat campur téh botol, és campur kikil teu nganggo mih, és téh manis biasa nganggo saos rada seueur, teras ieu nasi yamin satengah porsi dibungkus dua, sareng és yamin dituang nanggo tisu saporsi. Bilih aya nu kirang?